CARPON SUNDA NGALIWET karya Siti nahla
Poe Ahad ayeuna, kuring sareng rerencangan rek ngaliwet di kebon mang Asep. Di eta kebon teh kacida ngeunaheunana, Loba tatangkalan anu salubur, di belah sisi na Aya cai kamalir anu kacida beresihna.
Unggal jelema udunan beas sagelas, Aya Oge anu mawa katel, minyak, samara, Jeung nu lain-lainna. Kusabab Imah kuring rada deukeut jeung eta kebon, kuring mawa kompor minyak tanah kusabab rada hampang di bawana. Pek teh si Dasep ngomong,
"Ari si laing rek naon mamawa kompor Sagala atuh, kapan rek nyieun hawu jang ngasakan mah." Ceuk si Dasep teh bari gideug.
Atuh eta kompor teh teu di pake, kadon dicicingkeun wae.
Di kebon eta teh pohara ku tutumbuhan, aya tangkal cengek, tangkal hui, taleus, Jeung sajabana. Kuring sareng Dini kabagean ngundeur, anu lainna mah aya anu kabagean ngala suluh pikeun hawu, aya anu kabagean nyisikan beas, jeung aya oge anu ngadon cicing wae.
Sangeus sagala-galana beres sadia. Breng weh bahan-bahan asakan teh di arasakan.
Sanggeus lauk paukna asak, tuluy weh eta lauk pauk teh di parindah keun kana tobas heula samemeh disimpen dina daun cau, bari nungguan sangu liwet asak.
Seungitna asakan kacida ngeunahna. Ngahiliwir ngondang rasa lapar. "Duh meni seungit kieu euy asakan teh." Ceuk si Mamat bari nyokot goreng tempe bari dicocolkeun kana sambel tarasi anu Karak beres di ulek.
"Tong waka di dahar tiheula atuh euy." Tembal Dasep bari ngiluan nyokot goreng tahu tuluy di cocolkeun kana sambel tarasi.
"Saruana maneh oge Dasep." Tembal Dini bari nepak taktak si Dasep.
Sanggeus sangu liwet asak, tuluy eta sangu teh di akeul heula ku kuring. Tuluy di pindahkeun kana daun cau. Tuluy deui lauk pauk anu di asakan tadi di simpen di luhureun sangu.
Sanggeus siap, breng weh sarerea dahar balakecrakan. Eta meni kacida nikmat na bari jeung ngaliweut di handapeun tangkal mangga di hareupna aya tangkal jengkol. Sora manuk jeung jangkrik pating tembalan nambahan suasana asri, Atuh mingkin betah.
Sanggeusna tuluy di beresan, kuring sareng Dini kabagean gegeroh tobas di cai kamalir tadi.
"Alhamdulillah, wareg oge nya." Ceuk di Dasep bari sorot mata na nempo kaluhur.
"Nempo naon meni merong Kitu." Tembal Mamat bari ngilu nempo objek anu keur di tempo ku si Dasep.
Sing horeng eta teh buah mangga anu geus asak, buahna anu gede jeung warnana oge geus rada koneng.
"Eta mun di ala moal kunanaon Kitu?" Ceuk si Dasep bari ngalieuk ka si Mamat.
"Moal kunanaon ala we, engke kuring bebeja ka mang Asep." Tembal Mamat.
Mang Asep teh dulur na si Mamat, sawahna lega, kebonna loba, beunghar weh mang Asep teh.
Tuluy weh eta buah teh di ala ku sarerea make gantar. Eta tangkal teh meni leubeut ku buah.
Pas beres di ala tuluy di pesek di handapeun tangkal na. Datang-datang teh Kuring jeung Dini langsung di suguhan buah mangga. Sabagean buahna deui di bekel ka bumi.
Teu karasa, panon poe geus rada turun. Kuring sarerea beberes ngaberesihan runtah-runtah anu aya. Sanggeus beresih tuluy sarerea indit balik ka bumi.
Di sapapanjang jalan Kuring ngalamun. Alam geus nyadiakeun sagala-galana, tinggal kudu di jaga jeung di lestarikeun ku urang sarerea, niscaya engke urang bakal Bagja.
Komentar
Posting Komentar